B. Daerah

Pertanyaan

Naha anu di caritakeun dina guguritan di luhur teh luyu jeung pupuhna? Tingali tabel pupuh patokan jeung watekna dalam guguritan nimat teuing cai jamjam

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Nilik kana guru wilangan jeung guru lagu guguritan "Nimat Teuing Cai Jamjam", eta guguritan teh ngagunakeun patokan pupuh sinom. Guru wilangan jeung guru lagu eta guguritan teh nyaeta  8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a, saluyu jeung guru wilangan atawa guru lagu tina pupuh sinom. Di handap ieu nyaeta pada kaopat tina guguritan "Nimat Teuing Cai Jamjam" :

    Ku bagja teuing jamaah 8a,
    Nu kiwari munggah haji 8i,
    Tinggal regot mun hanaang 8a,
    Teu hese neangan cai 8i,
    Teu kudu nimba deui 7i,
    Cai jamjam ngocor ngucur 8u,
    Diinum juta jalma 8a,
    Dibekel ka mana mendi 8i,
    Dibaroro ku sadaya kadang warga 12a

    Dumasar kana watek atawa karakter pupuh sinom nyaeta anu ngagambarkeun rasa gumbira atawa rasa kadeudeuh, eta guguritan teh bisa saluyu jeung watek atawa karakter pupuh sinom, nyaeta kuayana kekecapan "ku bagja teuing jamaah". Jadi, guguritan "Nimat Teuing Cai Jamjam" teh saluyu jeung patokan pupuh sinom, boh ditilik tina guru wilangan jeung guru laguna boh ditilik tina watek atawa karakterna.

    Pupuh teh mangrupa patokan atawa aturan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda, nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa patokan atawa aturan pupuh anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa aturan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa aturan pupuh. Pupuh sinom kaasup kana pupuh Sekar Ageung. 

Pertanyaan Lainnya