apa saja setruktur carpon bahasa sunda
B. Daerah
muktiguztavo1
Pertanyaan
apa saja setruktur carpon bahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Carita pondok atawa disingkat carpon, mangrupakeun karya sastra wangun prosa, nyaeta anu kaasup prosa modern. Karya sastra wangun prosa modern lianna nyaeta saperti novel. Sedengkeun conto karya sastra anu kaasup wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.
Umpama ditilik salewat mah, dongeng jeung carpon teh kacirina sarua, henteu aya bedana, tapi eta dua karya sastra teh aya dina kelompok karya sastra anu beda, nyaeta dongeng aya dina kelompok prosa buhun jeung carpon ayana dina kelompok prosa modern tea.
Tapi dongeng jeung carpon miboga bebeda anu khas, saperti yen carita anu aya dina dongeng mah sok loba bohongna atawa pamohalan, atawa kadang henteu realistis, sedengkeun carita anu aya dina carpon mah, sanajan mangrupa hayalan, eta caritana teh realistis.
Eusi carita anu aya dina carpon mah biasana relatif pondok, kira-kira ngan saukur 10 kaca atawa kira-kira 10.000 kecap, beda jeung novel anu caritana panjang. Ku pondokna carita nu aya dina carpon, biasana carpon bisa anggeus dibaca ku ngan saukur sakali baca.
Umpama ditilik tina struktur, carpon nagbogaan bagian-bagian saperti abstrak, orientasi, komplikasi, evaluasi, resolusi, sarta koda. Abstrak mangrupakeun ringkasan atawa inti tina hiji carpon. Orientasi nyaeta anu aya patalina jeung waktu, suasana, sarta tempat anu dicaritakeun dina hiji carpon.
Sedengkeun komplikasi eusina mangrupakeun runtuyan kajadian-kajadian anu dihubungkeun sacara sabab jeung akibat. Evaluasi nyaeta struktur konflik anu kajadian sarta nuju kana klimaks anu geus mimiti meunangkeun solusi. Dina bagian resolusi pangarang geus mimiti ngajentrekeun solusi anu dialami ku tokoh. Dina bagian koda disebutkeun nilai atawa pangajaran anu bisa dicokot ku anu maca eta carpon.