contoh pidato menggunakan bahasa sunda(sd) singkat dan jelas ,Tema pendidikan . Tolong jawab segera karna di kumpulkan besok???
B. Indonesia
Zahffy
Pertanyaan
contoh pidato menggunakan bahasa sunda(sd) singkat dan jelas ,Tema pendidikan . Tolong jawab segera karna di kumpulkan besok???
2 Jawaban
-
1. Jawaban anggercapture
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Alhamdulillahi robbil ‘alamin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du
Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring.
Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil ‘alamin wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo ngadugikeun biantara.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana pituturna. Amin ya robbal ‘alamin.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.
Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the sanes kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti kawit dibabarkeun dugi ka maot.
Sakumaha pidawun Rosululloh SAW “ Tolabul ‘ilmi faridotun ‘ala kullil muslimin walmuslimat minal mahdi ilalahdi.”
Naging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT.
Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masyarakat, utamina ti para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun.
Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.
Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal ‘alamin.
Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tetakrama, mugia sadayana jembar manah nghapuntenna.
Wassalamu’alaikum warohmatuloohi wabarokatuh. -
2. Jawaban cabellooo
Assalàmu’alaikum Wr. Wb.Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.
Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.
Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin. Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib Belajar Pendidikàn Dasar “.
Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah geus tàngtu bakal sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu teu tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.
Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà sejen jeung bakàl kalindes ku kamajuàn jaman.
Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun progràm ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur nuhun kànu sadaya perhàtosannana.
Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.