B. Daerah

Pertanyaan

pantun panutup bahasa sunda kangge biantara ,selain anu saninten buah saninten

1 Jawaban

  • Pantun panutup biantara bisa ngagunakeun puisi Sunda dina wangun sisindiran. Geus mindeng digunakeun pantun "saninten buah saninten" pikeun panutup biantara. Kukituna ayeuna urang nyieun pantun atawa sisindiran anu bisa digunakeun pikeun panutup biantara, salian ti pantun "saninten buah saninten".

    Pembahasan

    Aya tilu rupa sisindiran nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.  

    Di handap ieu nyaeta conto pantun atawa sisindiran paparikan, salian ti pantun "saninten buah saninten", anu bisa digunakeun pikeun panutup biantara:  

    Buah jeung kokosan

    Tapi seger karaosna

    Bilih aya cariosan

    nu teu raos kana manah

    Ulah waka dialungkeun

    mun can aya gantina

    Teu aya nu disuhunkeun  

    hapunten kasadayana

    Pelajari lebih lanjut

    • Nu kudu dipikanyaho samemeh nulis biantara https://brainly.co.id/tugas/11711758
    • Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
    • Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Pantun panutup biantara

Pertanyaan Lainnya