Lantaran teu kapaluruh saha nu ngaranna tur iraha medalna dongeng pangarangna sok disebut?? Jawab dong gk ngerti
B. Daerah
muhammadnaufal41
Pertanyaan
Lantaran teu kapaluruh saha nu ngaranna tur iraha medalna dongeng pangarangna sok disebut??
Jawab dong gk ngerti
Jawab dong gk ngerti
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Lantaran teu kapaluruh saha nu ngarangna tur iraha medalna dongeng, pangarangna sok disebut anonim. Anonim hartina tampa ngaran. Dongeng nyaeta karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Dongeng kaasup karya sastra prosa buhun. Conto karya sastra prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa modern nyaeta saperti carita pondok atawa carpon, jeung novel.
Eusi carita dongeng biasana mangrupa carita khayal atawa pamohalan. Dongeng sumebarna sacara lisan jeung sacara turun tumurun. Unggal daerah atawa bangsa biasana ngabogaan dongeng sewang-sewangan anu beda. Carita khayal anu aya dina dongeng biasana sok mahiwal jeung loba bohongna, saperti aya jalma anu bisa ngapung atawa aya sato anu bisa ngomong, ku kitunya dongeng sok dipikaresep ku barudak.